Ku: Rukmana
SMPN1PAMEUNGPEUK.SCH.ID — Mimitina mah teu inget kana nanaon. poék mongkléng buta rajin, lir keur saré dina kepetengan. Beuki lila, nyah manéhna beunta, rurat-rérét ka sakurilingna. Remeng-remeng katempo bet aya dina jero kaca bari selang pajurawet. Manéhna can bisa nyarita, ukur ningal, ngadéngé, jeung ngarasakeun naon nu karandapan.
Beuki lila titingalian beuki jelas yén manéhna keur aya dina inkubator. Saban poé nu kadéngé ukur pating kaletrukna sora hak sapatu. Kadang ngadeukeutan bari ngaragap kana awak satuluyna ngasongkeun cai susu dina dot kana biwir. Rét ka gigireun loba nu sarua siga manéhna dicicingkeun dina inkubator. Ari ngalieuk ka beulah wétan meni ngajajar sapantaran manéhna dibaredong kénéh. Pating garoak careurik hayang ka indungna meureunan.
Katingali dina selang aya cai nu murubut nyakclakkan kerep naker siga cimata awéwé anu manggih kapeurih. Singhoréng éta cai téh cai infusan kana awakna geningan. Sakapeung ningali loba manusa nu balawiri bari tuluy ronghok noong tina kaca siga nu hayang sidik. Kadéngé anu seuri bangun galumbira. Tapi kadang-kadang aya nu ceurik siga nu kanyenyerian. Tina sakabéh éta, manéhna ukur wawuh jeung sora selop suster anu pating keletruk jeung sora orok nu pating galoar ceurik.
Manéhna mimiti bungah basa dina hiji poé aya suster mawa orok dikedengkeun deukeut manéhna.
“Wilujeng sumping,” ceuk manéhna ka nu anyar datang.
Nu anyar datang imut, “Sami-sami. Hatur nuhun”.
“Tos lami di dieu?” ceuk nu anyar datang nanya deui.
“Lumayan wé ….. timana asal anjeun?”
“Asal kuring mah tina rahim indung. Kamari soré kuring digelarkeun ka alam dunya. Ramé geningan nya di dunya téh sagala aya. Ceuk béja mah cenah di alam dunya téh loba manusa nu jarahat jeung sarakah. Tapi geningan balageur di dieu mah. Manéhna méréan susu. Hanjankal wé susu nu dibikeun lain susu indung. Nya dikamanakeun nya ari susu indung. Katingalina mah dikenyotan ku paranti ngenyot nu tina karét. Tapi sok kalah dipiceun. Lebar teuing nya, padahal kuring téh lapar hayang nyusu. Komo ceuk dokter mah pan kudu dikenyotkeun cai susu munggaran téh ngarah kadahar ku orok supaya jadi imun keur ngajaga bisi urang katarajang panyakit. Éta cenah obat mujarab pikeun orok siga urang mah. Aéh, ari ambu anjeun dimana? Da ari ambu kuring mah itu tuh, anu keur noong tina kaca”. Ceuk nu anyar datang.
“Nyéta, ambu kuring mah teuing dimana. Ngan basa kuring medal mah anjeuna téh ceurik. Kuring teu lila nyaksian nu keur ceurik, kaburu karasa dada kuring eungap geus teu inget dinanaon, kuring kapiuhan. Ras éling téh geus di dieu wé. Ngan nu sidik mah ambu kuring ngora kénéh, aya kana 15 taunan mah umurna téh. Da kuring téh budak cikalna cenah”. Témbalna.
“Ari bapa anjeun aya maturan?” ceuk nu anyar datang nanya deui.
“Kawas kumaha bapa téh? Bapa téh siga ambu?” nu ditanya kalah malik nanya teu ngartieun.
“Bapa mah lalaki anu ngayugakeun urang. Awakna keker, tanagana gedé, jeung nyaritana gogos henteu siga ambu. Ari ambu mah apanan anu ngandung jeung ngalahirkeun urang. Awakna lemes, buukna panjang, dina dadana aya cai susu anu teu weleh haneut bekel urang sajero dua tauneun. Susu ambu téh huluwotanna sagala kanyaah di alam dunya. Ngan tanagana héngkér ambu mah. Tapi jaman ayeuna mah loba anu sabalikna. Loba awéwé anu tanagana gedé, buukna pondok, ngomongna sugal, bareuki udud sagala siga lalaki”. Ceuk nu anyar datang ngajentrekeun.
“Naha saréréa boga bapa?”
“Sakur nu dilahirkeun mah pasti boga bapa. Iwal Nabi Isa A.S anu teu boga bapa mah. Lantaran ambu anjeuna mah ukur ditiup ku malaikat lebah patuanganna, langsung hamil sarta teu kungsi lila teras ngalahirkeun”.
“Lamun kitu mah kuring ogé boga bapa meureunan?”
“Pasti………”. Jawabna pondok.
“Saha atuh ari bapa kuring, sugan anjeun apal?” manéhna nanya deui.
Nu ditanya teu ngajawab. Manéhna ngahuleng. Boga rasa karunya ka baturna nu hayang apal ka nu jadi bapa. “Ari kamari waktu anjeun medal, aya anu dedeganna siga nu tadi?”
“Teuing atuh, kamari mah euweuh anu dedeganna siga kitu”. Témbalna pondok.
Akhirna pating haruleng duanana. Anu kataji ku manéhna mah dongéng ngeunaan Nabi Isa A.S nyaéta ngeunaan Maria atawa Siti Maryam hamil teu pupuguh. Teu lila tuluy ngalahirkeun. Sok padahal Siti Maryam mah awéwé soléha. Lantaran ngarasa wirang, keur ngabuktikeun saha bapana, orok Isa tuluy dibawa ka alun-alun sarta éta orok téh ditanya hareupeun jalma loba. Tétéla geningan hamilna Siti Maryam mah ku kakawasaanna Pangéran ngaliwatan malaikat. Cukup ku ditiup lebah patuanganna, kalayan ku Kudrot jeung Irodatna nu Kawasa Siti Maryam hamil.
Keur anteng paguneman, kurunyung aya awéwé duaan nyampeurkeun. Nu saurang mah geus aya umuran, ari nu saurang deui mah ngora kénéh.
“Ujang, kasép hayu urang mulang. Yap ku Ema urang ais”. Ceuk nu geus umuran.
Ari gap ka kuring tuluy diais bangun nu nyaah. Léos indit kaluar wangunan rumah sakit. Tétéla gening caraang di luar mah. Ngan hanjakal wé meni garandéng ku sora kandaraan bari bau haseupna.
“Ningali kana pameunteu jeung sikepna mah ieu sepuh nu ngais téh bangun anu nyaaheun ka kuring. Sirah kuring diusapan terus diciuman. Ceuk batur mah dada awéwé mah ngagambarkeun haténa anu tiis matak nyecep kana kolbu nu diaisna. Tapi dada ieu sepuh mah béda. Kadéngé ngaguruh siga ngagolakna kawah Candradimuka nu disuluhan ku seuneu amarah nu kacida rongkahna. Sakapeung dadana téh ngageder lir lini anu ngagibegkeun kota Padang sababaraha waktu katukang. Tapi teu lila nyecep tiis matak betah nu diais. Aya naon anu disidem ku ieu sepuh téh atuh nya? Boa, kila-kila keur diri kuring kitu…?”
Teu lila di jalanna da puguh tumpak angkot. Manéhna geus nepi ka nu dijugjug ka kampung Karéés. Hiji lembur nu rada anggang ti Garut kota. Pernahna ditutugan Gunung Cikuray anu ngajegir jadi salah sahiji patok kadigjayaan jeung kajembaran Kota Inten nu kungsi nyatet sajarah hirup huripna Nagri. Kota nu kungsi katelah Swiss van Java. Nepikeun ka aya isilah Mooi Garut sagala.
Barang nepi ka nu dituju, sup ka salah sahiji imah panggung nu basajan. Bari tuluy kuring dikedengkeun dina kasur. Can ogé reureuh tina kacapé, pok Si ema geus mimiti nyarita ka Ambu.
“Geus kieu rék kumaha karep manéh Lina?” cenah.
Nu ditanya kalah ngeluk tungkul siga bueuk meunang mabuk. Manéhna bingung pipetaeun. Kudu kumaha ngajawab pananya indung.
“Hapunten Ambu, abdi rumaos lepat”. Pokna pondok.
“Teu cukup ku ménta pangampura, tuh tingali anak manéh roroésan. Kudu ka saha ngaku Bapa na. Ambu mah teu kurang-kurang, matak ku Ambu disakolakeun ogé ngarah ngarti. Ambu éra ku tatangga. Sok jawab saha bapana éta budak téh? Da pasti aya bapana. Masihanan Maria jaman Nabi Isa, ukur ditiup ku Jibril langsung hamil. Tapi apanan manéh mah lain Maria atawa Siti Maryam. Tah kitu akibat gaul kaleuleuwihi téh. Hirup sagala direumpak mopohokeun agama, teu inget kana papatah kolot, nu balukarna matak cilaka diri jeung ngawiwirang ka saréréa.”
Kantos medal dina majalah “Kandaga” Dinas Pendidikan Garut.
Sasih Juni 2010.
